Nu dimaksud Situ Hiang, nya eta situ nu lain meunang nyieun jelema. Tina sakitu lobana situ aya oge nu ngandung sajarah, saperti Situ Hiang nu aya di desa Sadewata, kacamatan Panawangan Ciamis, kaasup daerah pagunungan. Nurutkeun sajarahna, eta Situ Hiang teh beunang nyieun Dewa Banga, jaman Karajaan Galuh reujeung jaman Karajaan Talagamanggung. Masih jaman aya gelar Dewa, nu matak nu jadi pangagung jaman eta oge disebut Dewa Banga, kamasur luhur elmu-panemuna tur digjaya kabina-bina. Nyieun Situ Hiang oge sasat ku ngan ku sorangan, tur asalna mah gunung diratakeun. Parabotna oge cukup ku hiji linggis beunang nyieun tina kai-kai acan, dibantuna ku rahayat ngan sakadar ngunjalan taneuhna wungkul. Malah eta gunung (Gunung Jaha) waktu mimiti dipagawe (ditugaran) dadaksakala urug ku maneh. Atuh ngan kari ngarangkutan bae taneuhna, teu bangga caran pagawean jaman kiwari.
Kitu digjayana Sang Dewa teh (Dewa Banga). Mangkaning jaba ti rupa gunung teh,ditengah-tengah leuweung geledegan deuih. Disebutna eta leuweung Leuweung Ranjeng, cenah sanggeus rengse, kai urut linggisna tea ditancebkeun mingnagka tetengger yen eta leuweung bakal ngajadi tempat rame. Ajaibna deui, eta tetengger (linggis kai) ahirna salin rupa, jadi hiji rupa tangkal nu katelah tangkal kitiwu, jangkungna kira-kira 60 cm. Jeung kawas linggis bae teu daunan. Ti harita keneh lauk nu aya didinya (di Situ Hiang) dicadangkeun pikeun di pimilik ku anak-incu katurunan para luluhur Sadewata, keur nyumponan pangabutuh hirupna. Jaba ti kitu kaluar kecap, yen jaganing geto, bakal lahir salasaurang incu, katurunan, mun geus datang Ratu Kate sebrang lautan. Sarta nya eta pisan nu bakal nyahi konci rahasiana Nusa-Dewata, eta jalma mangrupa budak leutik jangkung hideung. Bakal muka Rajeng jeung kulahna dijadikeun sawah. Kagirangna pikeun masarakat, kahilirna bagian nagara. Ditengah-tengah situna (Situ-Hiang) aya hiji imah letutik nu ngeusianana eta imah ngan duaan awewe jeung salakina (sakaren). Eta dua jalma hirupna didinya tara teu incah-incahan, tug nepi ka kiwari araya didinya, ngan kiwari mah salin rupa, teu ngajirim jelema deui, tapi jadi lauk emas nu galede kacida. Tangtu bae harirupna jero cai cara nu lianna. Nya timbul babasan kabeuhdieunakeun "Nu Ngageugeuh Situ Hiang". Ie lauk anu dua tara narembongan cara nu sejena, rajeun nembongan sok goreng balukarna, nu mireungeuhna sok linglung atawa tuluy gering. Malah sok aya nu terus ajal sagala. Cenah ku gedena eta lauk, mun nembongan teh matana nepi ka sagede-gede pisin. Sesebutanana oge, lauk siluman atawa lauk kajajaden. Najan eta lauk situ hiang bageanan katurunan Ddwa Banga. Tapi aya kaol, mun meunang lauk emas nu panggedena mah, teu meunang di ala (diarah). Kocap sanggeus Nusa-Dewata ngajadi rame, datang mangsana, yen Dewa Banga anu memang tadina oge putra Ratu, mudu ngarantunkeun eta tempat. Kedah mulih deui sasarengan sareng Putri Purbasari, nu tadina leuleuweungan patepang sareng anjeunna (Dewa banga) ka nagara Galuh. Nya eta Putra-Putri dijenengkeun Ratu. Nusa-Dewata sadikantunkeunna ku eta Putra Putri janten narikolot, rahayatna anu tadina ti Kahyangan marulang deui ka asalna, sesana balubuara didinya, baretah-betah sakumaha biasa. Dipingpin ku Raden Wisesa (Raden Rangga Wisesa). Patilasanana dingaranan Pangalikan. Sawareh deui aya nu parindah ka beh girang. Tempattempatna dingaranan kampung Dukuh jeung kampung Lemburgunung. Urut pangtapaan Dewa Minda (Dewa Banga) dingaranan Panglalanangan jeung Pangwadonan. Ari urut Putri Purbasari, Pangwadonan. Sadewa dijadikeun kabupaten dipingpin ku hiji Dalem, ngemban pancen ti Ratu Galuh. Tah kitu dongeng Situ-Hiang nu aya di Sadewata teh, ngan didieu eta putra-putri anu dua teu kaatur ngadahupna, sigana samemeh marulih ka nagara Galuh geus narikah. Ciamis, 24-11-1976 ku Wiraguna. Tina : Koran Kudjang Taun ka XXI no. 1017. Jumaah 31 Desember 1976.
Sumber: https://kumeokmemehdipacok.blogspot.com/2013/07/SejarahSundaSituHiang.html
Keris: Lebih dari Senjata, Pusaka Jawa yang Mendunia Identitas dan Asal-Usul Keris merupakan senjata tikam tradisional yang berasal dari Indonesia, dengan karakteristik bentuk bilah yang asimetris atau berkelok-kelok [S1], [S5]. Secara struktural, keris terdiri atas tiga komponen utama, yakni bilah ( wilah ), gagang ( hulu ), dan sarung ( warangka ) [S1]. Sebagai bagian dari kategori tosan aji —istilah untuk senjata berbahan besi bernilai tinggi yang dimuliakan—keris tidak hanya berfungsi sebagai senjata perang, tetapi juga sebagai benda pusaka warisan nenek moyang dan simbol identitas masyarakat Jawa [S2], [S5]. Museum Nasional Indonesia menyimpan koleksi keris yang merepresentasikan sejarah perkerisan Nusantara, termasuk spesimen dari Cirebon, Jawa Barat, yang berasal dari abad ke-16 [S4], [S5]. Salah satu contoh koleksi yang terdokumentasi adalah keris dengan dhapur Kebo Lajer dan pamor tambal, yang secara historis populer di kalangan masyarakat petani pedesaan sebagai sim...
Keris: Lebih dari Senjata, Warisan Budaya Tak Benda Indonesia Identitas dan Asal-Usul Keris Jawa merupakan senjata tikam tradisional yang secara fisik dikenali dari bilah asimetris dengan pola berkelok-kelok atau lurus, serta terbagi menjadi tiga komponen utama yaitu bilah, gagang, dan sarung [S1]. Struktur ini menjadi penanda identitas visual yang membedakannya dari belati atau pisau tikam lainnya di Nusantara [S5]. Material pembuatannya bervariasi, mulai dari logam besi dan baja untuk bilah, hingga kayu, gading, atau logam mulia seperti emas dan perak yang digunakan pada hulu dan warangka [S2]. Pengakuan UNESCO sebagai Karya Agung Warisan Budaya Kemanusiaan Lisan dan Nonbendawi menegaskan posisi keris sebagai warisan budaya yang dilindungi secara internasional [S1]. Secara geografis, keris berakar kuat di Pulau Jawa, dengan sentra produksi dan pengembangan budaya yang terpusat di wilayah Jawa Tengah dan Jawa Timur [S5]. Beberapa referensi menekankan bahwa keris merupakan ciri...
Yupa: Jejak Martapura, Pilar Peradaban Purba Kalimantan? Identitas dan Asal-Usul Kalimantan Timur merupakan provinsi di Indonesia yang memiliki jejak peradaban kuno tercatat sejak masa prasejarah hingga pengaruh kerajaan lokal dan luar [S1]. Secara administratif, wilayah ini mencakup kawasan pesisir timur Kalimantan yang berbatasan dengan Sabah (Malaysia) dan Laut Sulawesi, dengan pusat sejarah utama terletak di kawasan Muara Kaman, Kabupaten Kutai Kartanegara [S1]. Peradaban awal di wilayah ini ditandai oleh keberadaan prasasti Yupa, yang menjadi bukti tertulis tertua di Nusantara dan mengungkap keberadaan Kerajaan Martapura (atau Kutai Martapura) pada abad ke-5 Masehi [S1][S2]. Keunikan Kalimantan Timur terletak pada temuan tujuh prasasti Yupa di Muara Kaman, yang ditulis dalam aksara Pallawa berbahasa Sanskerta [C2]. Prasasti ini mencatat silsilah Raja Mulawarman, cucu Kundungga, serta sumbangan emasnya kepada kaum brahmana, yang menjadi bukti awal pengaruh Hindu-Buddha di wi...
Setiap motif yang digunakan dalam ornamen atau peralatan ritual memiliki makna yang berbeda-beda Identitas dan Asal-Usul Ragam hias Dayak Kanayatn merupakan identitas visual yang melekat pada masyarakat suku Dayak di Kalimantan Barat, khususnya di Kabupaten Landak [S2]. Penelitian menunjukkan bahwa pusat pengembangan motif ini terdapat di Desa Garu, Kecamatan Mempawah Hulu [S2]. Objek budaya ini berfungsi sebagai simbol yang merepresentasikan kehidupan sosial dan kepercayaan masyarakat setempat [S5]. Keberadaan motif ini tidak terlepas dari konteks kerajinan tangan dan alat ritual yang digunakan dalam aktivitas sehari-hari [S1]. Terdapat variasi bentuk motif yang memiliki makna simbolik berbeda-beda, seperti oncok rabukng yang melambangkan generasi penerus budaya [S2]. Motif lain seperti mata pune merepresentasikan proses pengambilan keputusan melalui mufakat dalam perundingan [S2]. Selain itu, stilasi burung enggang pada pakaian adat juga menjadi elemen penting yang mengandung...
Jamu Jawa: Warisan Mataram, Ikon Mbok Jamu, dan Pengakuan UNESCO Identitas dan Asal-Usul Jamu tradisional Jawa merupakan warisan budaya Indonesia yang kaya akan nilai kesehatan dan filosofi kehidupan, dipraktikkan secara turun-temurun sejak era Kerajaan Mataram [S1, S3, S4, S5]. Pengobatan alami ini telah mengakar kuat dalam kehidupan masyarakat Jawa selama berabad-abad [C2]. Pengakuan UNESCO terhadap budaya kesehatan jamu sebagai "Warisan Budaya Takbenda" pada Desember 2023 menegaskan pentingnya kearifan lokal ini [C3]. Jamu tidak hanya sekadar minuman herbal, melainkan simbol kebijaksanaan lokal yang mengutamakan alam sebagai sumber penyembuhan [C12]. Tradisi herbal ini masih bertahan di pedesaan, di mana masyarakatnya terus menjaga kesehatan melalui obat herbal alami warisan leluhur [S2, C6]. Ramuan yang dikenal sejak zaman nenek moyang ini terbukti memberikan manfaat kesehatan yang diakui ilmu pengetahuan, bukan hanya menyembuhkan gejala tetapi juga memperbaiki fun...