Suling Tulang Maung Téot, téot Suling aing tulang maung Ditroktrokan ku caladi Diliangan ku bangbara Dipasieup ku sireupeun Torotot haung Sumber : Rosidi, Ajip.2013. Kawih jeung Tembang. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Ngala Papatong Tong Papatong Dibéré cau sapotong Ari balik ménta deui Teup, jang teup Ari eunteup jang si Ujang. Sumber : Rosidi, Ajip.2013. Kawih jeung Tembang. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Jaleuleu Jaleuleu ja Tulak tuja eman gog Seureuh leuweung bay Jambé kolot bug Ucing katinggang songsong, ngé. Sumber : Rosidi, Ajip.2013. Kawih jeung Tembang. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Prang-pring Prang-pring Sabulu-bulu gading Saunda-unda pérang Nya pérang di pangadegang Turumé puyuh Hayam jago babaranten Dikencréng-kencréng kucubung Kucubung kuruwék dugel Mana dugel ka si muntel Telur jalu Kembang kuménggér géyé ! Sumber : Rosidi, Ajip.2013. Kawih jeung Tembang. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Kacang Buncis Cis kacang buncis nyéngclé Ti anggolati inem Nu geulis acla-éclé Jeung aluman alumen Cis kacang buncis nyéngclé Ti anggolati kuda Nu geulis témbong pingping Keun baé keur kaula. Sumber : Rosidi, Ajip.2013. Kawih jeung Tembang. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Lir Kili Lir kili Lar kambang Kambangé janur Nini-nini geura hudang Tinggaleun tandur Sumber : Rosidi, Ajip.2013. Kawih jeung Tembang. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Ambil-ambilan *Ambil-ambilan Turuktuk hayam samantu *Saha nu diambil Kuring mah mah teu boga incu *Dasih, Dasih gé daék Purah nutu purah ngéjo Purah ngasakan baligo Purah calik dina lampit Purah tunggu imah gedé ! *Nyerieun sukuna Kacugak ku kaliagé *Aya ubarna Urat gulking sapuragé Tigulung nyocolan dagé ! Sumber : Rosidi, Ajip.2013. Kawih jeung Tembang. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Olé-olé Gong Olé-olé gong Melak cabé di Tarogong Dihakan ku embé omp[ong Ditang kari sapotong. Sumber : Rosidi, Ajip.2013. Kawih jeung Tembang. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Bulantok Bulantok bulantok Aya bulan sageé batok. Sumber : Rosidi, Ajip.2013. Kawih jeung Tembang. Bandung: Kiblat Buku Utama.