Eundeuk-eundeukan Eundeuk-eundeukan lagoni meunang peucang sahiji lepas deui ku Nini beunang deui ku Aki Sumber : Rosidi, Ajip.2013.Tembang jeung Kawih.Bandung: Kiblat Buku Utama
Tokécang Tokécang, tokécang balagendir tosblong angeun kacang, angeun kacang sapependil kosong ! Sumber : Rosidi, Ajip.2013.Tembang jeung Kawih.Bandung: Kiblat Buku Utama
Pacublek-cublek suweng Pacublek-cublek suweng manggoléntang manggolanting butata-butiti gembrang gembrung gembrang-gembrung bo eem, bo eem Sumber : Rosidi, Ajip.2013.Tembang jeung Kawih.Bandung: Kiblat Buku Utama
Cing ciripit Cing ciripit tulang bajing kacapit kacapit ku bulu paré bulu paré seuseukeutna jol pa dalang mawa wayang jrék-jrék nong jrék-jrék nong Sumber : Rosidi, Ajip.2013.Tembang jeung Kawih.Bandung: Kiblat Buku Utama.
Ayang-ayang Gung Ayang-ayang gung gung goongna ramé, mé- ménak ki Mas Tanu, nu- nu jadi wadana, na- naha manéh kitu, tu- tukang olo-olo, lo- loba anu giruk, ruk- ruket jeung kumpeni, ni- niat jadi pangkat, kat- katon kagoréngan, ngan- ngantos kanjeng Dalem; lempa-lempi lempong jal;an ka Batawi ngemplong ngadu pipi jeung nu ompong! Sumber : Rosidi, Ajip.2013.Tembang jeung Kawih.Bandung: Kiblat Buku Utama
Tutunjukan Tutunjukan téténjékan si Tétéh anteur ka cai ! Ah embung, sieun bugang dina muncang kokoplak sayang kadanca si paok katinggang picung, cungcurung ka Cipicung dél odél papatong dosol ti nyohnyor ! Sumber : Rosidi, Ajip.2013.Tembang jeung Kawih.Bandung: Kiblat Buku Utama.
Cokcang Cokcang si pencok si kacang Si Niti anggolati laméta déning si Togog Montok ! Sumber : Rosidi, Ajip.2013.Tembang jeung Kawih.Bandung: Kiblat Buku Utama.
Gobang Gocir Cir gobang gocir cabé beureum lada cing geura taksir baju beureum saha. Sumber : Rosidi, Ajip.2013.Tembang jeung Kawih.Bandung: Kiblat Buku Utama.
Trang-trang koléntrang merupakan Lagu Permainan Sunda yang dinyanyikan oleh anak-anak dengan tujuan agar hujan reda. Biasanya mereka menyanyikan lagu ini sambil duduk, atau sedang berkumpul bersama teman-teman dan keluarga di téras rumah. Lagu permainannya di bawah ini: Trang-trang koléntrang Si londok paéh nundutan Tikusruk kana durukan Mesat gobang kabuyutan Lagu lainnya: Trang-trang koléntrang Si londok paéh nundutan Tikusruk kana durukan Mesat gobang kabuyutan Nyéh prot nyéh prot Nya nyéréh nya kempot