Di mana-mana Di kampung di kota Tos kakoncara Ku nikmat rasana .. Sampeu asalna Tu direka-reka Naon namina Duh matak kabita ... Peuyeum Bandung kamashur Pangaosna teu luhurKu sadaya kagaleuh Sepuh jeung murangkalih Mangga cobian Bilih panasaran Peuyeum ti Bandung Henteu sambarangan
Angkat ngagandeuang Bangun taya karingrang Nganggo sinjang dilamban Mojang priangan ... Umat-imut lucu Sura-seuri nyari Larak-lirik keupat Mojang Priangan ... Diraksukan kabaya Nambihan cahayana Dangdosan sederhana Mojang priangan ... 2X Mojang anu donto Matak sono nu nempo Mun tepung sono ka Mojang Priangan ... ... Gareulis maranis Disinjang lalenjang Estu sono mun leumpang Mojang Priangan ... Digigirna ge lenggik Dihareupna ge sieup Ditukangna lenjang Mojang Priangan ... Diraksukan kabaya Nambihan cahayana Dangdosan sederhana Mojang priangan ... 2X Mojang anu donto Matak sono nu nempo Mun tepung sono ka Mojang Priangan ...
Bajing luncat, bajing luncat Ka astana aduh Abdi lepat narosan Teu ti anggalna Bajing luncat, bajing luncat Ka astana ieuh Abdi lepat narosan Teu ti anggalna Ku teu sangka salira bet luas pisan Teu hawatos Ka nu kesel ngantos ngantos Api api teu emut kana pasini Pasini pakait ati duh pakait ati ...
Es lilin mah ..... Didorong dorong Di bantun mah ..... Di bantun ka Sukajadi Abdi isin dunungan Samar kaduga Sok inggis mah aduh henteu ngajadi Es lilin mah ceuceu Buatan Bandung Dicandak mah geuning Ka Cipaganti Abdi isin jungjunan Duh babaringung Sok inggris mah aduh Henteu ngajadi Itu saha dunungan Nu nungtun munding Digantelan geuning Kusaputangan ... Itu saha dunungan Nu ginding teuing Sihoreng mah aduh Geuning jungjunan ... Es lilin mah ceuceu Di kalapaan ... Raosna mah geuningan Kabina - bina ... Abdi alim dunungan paduduaan ... Sok sieun mah dibantun kamana-mana ... Kamana mah geuningan Ngaitkeun kincir ... Ka kaler mah ka kaler Katojo bulan ... Kamana mah dunungan Ngaitkeun pikir Moal paler duh Da ku sabulan ...
Akeh wong padha kedanan masakan, Akeh wong padha kelingan pelayan Ora klalen kesopanan ning sekabeh lelangganan Yen balik tas jalan-jalan mingguan Mumpung bae tas gajian kaulan Warung Pojok go ampiran etung-etung ke kenalan Reff. Tobat dhendhenge, Sega gorenge, Emi rebuse dhaginge gedhe gedhe Adhuh kopie, Tobat bukete Adhuh manise persis kaya pelayane Pura-pura mata mlirik meng dhuwur padhahal ati ketarik lan ngawur Nginum kopi mencok nyembur kesebab nyasar meng cungur
Mesat ngapung luhur jauh di awang awang Meber keun jang-jangna bangun taya karingrang Kukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk Saha anu bisa nyusul kana tandangna Gandang jeung partentang taya badinganana Dipikagimir dipikaserab ku sasamaTaya karempan ka sieun leber wawanenna Manuk dadali manuk panggagahna Perlambang sakti Indonesia jaya Manuk dadali pang ka koncarana Resep ngahiji rukun sakabehna Hirup sauyunan tara pahiri-hiri Silih pikanyaah teu inggis bela pati Manuk dadali ngandung siloka sinatria Keur sakumna bangsa di nagara Indonesia ...
Dengkleung dengdek buah kopi raranggeuyan Keun anu dewek ulah pati di heureuyan Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten Plos ka kolong bapak satar buleneng Kleung dengdek buah kopi rarang geuyan Keun anu dewek ulah pati di heureuyan Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten Plos ka kolong bapa satar buleneng
Tokecang tokecang bala gendir tosblong Angeun kacang angeun kacang sapependil kosong Aya listrik di masigit meuni caang katingalna Aya istri jangkung alit karangan dina pipina Tokecang tokecang bala gendir tosblong Angeun kacang angeun kacang sapependil kosong
Mana nyeri nyeri nyeri teuing Ceurik ati di tambelarkeun Henteu beunang ku disabaranAduh alah ieung Tega teh teuing Indit sore kurunyungna subuh Abdi tunduh mukakeun tulak Batin nyeri ceurik sorangan Aduh alah ieung Tega teh teuing Nyeri-nyeri-nyeri moal beunang diubaran Kajeun tutumpuran paeh ge teu panasaran Meungpeung ngora keneh Meungpeung urang can batianPek geura serahkeun Talak tilu sakalian Henteu butuh lalaki curaling Boga rasa sok ieu aing Henteu robah teu eling-eling Aduh alah ieung Tega teh teuing ...