Olé-olé Gong Olé-olé gong Melak cabé di Tarogong Dihakan ku embé omp[ong Ditang kari sapotong. Sumber : Rosidi, Ajip.2013. Kawih jeung Tembang. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Bulantok Bulantok bulantok Aya bulan sageé batok. Sumber : Rosidi, Ajip.2013. Kawih jeung Tembang. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Eureuleu Eureuleu jkagong ngora Umamis keur endogan Euleuh-euleuh bapa Wira Ngadu kumis didogdogan Sumber : Rosidi, Ajip.2013. Kawih jeung Tembang. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Eling-eling mangka eling (8i) rumingkang di bumi alam (8a) darma wawayangan bae (8e) raga taya pangawasa (8a) lamun kasasar lampah (7a) napsu nu matak kaduhung (8u) badan anu katempuhan (8a)
Mega beureum surupna geus burit ngalanglayung panas pipikiran cikur jangkung jahe koneng naha teu palay tepung sim abdi mah ngbenyeng leutik ari ras cimataan gedong tengah laut ulah kapalang nyabela paripaos gunting pameulahan gambir kacipta salamina
warna-warna lauk empang (8a) aya nu sami jeung pingping (8i) pagulung patumpang-tumpang (8i) ratna rengganis ningali (8i) warnaning lauk cai (7i) lalawar pating suruluk (8u) sepat pating karocepat (8a) julung-julung ngajalingjing (8i) sisi balong balingbing sisi balungbang (12a)
Durma moal ngejat sanajan ukur satapak geus dipasti ku jangji mun tacan laksana numpes musuh sarakah henteu niat seja balik najan palastra mati di medan jurit
MOJANG PRIANGAN angkat ngagandeuan bangun tara karingrang nganggo sinjang dilamban mojang priangan mun di erok denok mun disanggul ayu mun di sinjang lenjang mojang priangan diraksukan kabaya nambihan cahayana dangdosan sederhana mojang priangan umat-imut lucu sura-seuri nyari larak-lirik keupat mojang priangan mojang ti priangan lucu sae atikan sae basa sopan mojang priangan
Ucang-ucang Angge merupakan Lagu yang biasanya dinyanyikan mengiringi permainan oleh seseorang kepada anak kecil. Sang anak didudukkan di ujung kaki sambil "ucang-ucangan" atau mengayunkan kedua kakinya. Biasanya sambil duduk dikursi atau golodok, kakinya di ayun-ayunkan kedepan kebelakang beberapa kali. LAGUNYA Ucang-ucang angge mulung muncang ka parangge di udag ku anjing gede anjing gede nu Ki Lebe anjing leutik nu leutikna ari gog, gog cungungung